Illaa hadloroti
Syaikhina al-mukarom asy-syaidi syekh Abdulloh Mubarok bin Nur Muhammad r.a.
Al-Fatihah…
TANBIH
Bismillaahirrohmaanirrohim
Ieu
pangeling-eling ti Pangersa Guru Almarhum Syekh Abdullah Mubarok bin Nur
Muhammad, panglinggihan di Patapan Suryalaya Kajembaran Rahmaniah. Dawuhanana
khusus kangge ka sadaya murid-murid pameget istri sepuh anom, muga-muga sing
ginanjar kawilujeungan, masing-masing rahayu sapapanjangna, ulah aya
kabengkahan jeung sadayana.
Oge
nu jadi papayung Nagara sina tambih kamulyaanana, kaagunganana, tiasa
nagtayungan ka sadaya abdi-abdina, ngauban kasadaya rakyatna dipaparin
karaharjaan, kajembaran, kani’matan ku Gusti Nu Maha Suci dlohir bathin.
Jeungna
sim kuring nu jadi pananyaan Thoriqat Qoodiriyyah Naqsyabandiyyah, ngahaturkeun
kagegelan wasiat ka sadaya murid-murid poma sing hade-hade dina sagala laku
lampah, ulah aya carekeun Agama jeung Nagara.
Eta
dua-duanana kawulaan sapantesna, samistina kudu kitu manusa anu tetep cicing
dina kaimanan, tegesna tiasa ngawujudkeun karumasaan terhadep agama jeung
nagara ta’at ka hadlorot Illahi nu ngabuktikeun parentah Agama jeung Nagara.
Inget
Sakabeh Murid-murid, ulah kabaud ku pangwujuk nafsu, kagendam ku panggoda syetan,
sina awas kana jalan anu matak mengparkeun kana parentah Agama jeung Nagara
sina telik kana diri bisi katarik ku iblis anu nyelipkeun dina bathin urang
sarerea.
Anggurmah
buktikeun kahadean sina medal tina kasucian :
Kahiji : kasaluhureun ulah nanduk boh
saluhureun harkatna atawa darajatna, boh dina kabogana estu kudu luyu akur
jeung batur-batur.
Kadua : ka sasama tegesna ka
papantaran urang dina sagala-galana ulah rek pasea, sabalikna kudu rendah
babarengan dina enggoning ngalakukeun parentah Agama jeung Nagara, ulah jadi
pacogregan pacengkadan, bisi kaasup kana pangandika “ADZABUN ALIM”, anu hartina
jadi pilara salawasna, tidunya nepi ka akherat (badan payah ati susah).
Katilu : ka sahandapeun ulah hayang
ngahina atawa nyieun deleka culika, henteu daek ngajenan, sabalikna kudu heman,
kalawan karidloan malar senang rasana gumbira atina ulah sina ngarasa reuwas
jeung giras, rasa kapapas mamaras, anggur ditungtun dituyun ku nasehat anu
lemah lembut, nu matak nimbulkeun nurut, bisa napak dina jalan kahadean.
Kaopat: kanu pakir jeung nu miskin
kudu welas asih someah, tur budi beresih, serta daek mere maweh, nganyatakeun
hate urang sareh. Geura rasakeun awak urang sorangan kacida ngerikna ati ari
dina kakurangan. Anu matak ulah rek kajongjonan ngenah dewek henteu lian, da
pakir miskin teh lain kahayangna sorangan, estu kadaring pangeran.
Tah
kitu manusa anu pinuh karumasaan, sanajan jeung sejen bangsa, sabab tunggal turunan
ti Nabi Adam a.s. numutkeun ayat 70 surat Isro anu pisundaeunana kieu :
“Kacida
ngamulyakeunana Kami turunan Adam jeung Kami nyebarkeun daratan oge lautan,
jeung ngarizkian kami kamaranehanana, anu aya di darat jeung lautan jeung kami
ngautamekeun ka maranehanana, malah leuwih utama ti makhluk anu sejenna”.
Jadi
harti ieu ayat nya eta akur jeung batur-batur ulah aya kuciwana, nurutkeun ayat
tina surat al-maidah anu sundana :
“kudu
silih tulungan jeung batur dina enggoning kahadean jeung katakwaan terhadep
Agama jeung Nagara, soson ngalampahkeunana, sabalikna ulah silih tulungan kana
jalan perdosaan jeung permusuhan terhadep parentah Agama jeung Nagara”.
Ari
sabagi agama, saagama-saagamana, nurutkeun surat Al-Kafirun ayat 6, “Agama
anjeun keur anjeun, Agama kuring keur kuring”, surahna ulah jadi papaseaan “kudu
akur jeung batur-batur, tapi ulah campur baur”.
Geuning
dawuhan sepuh baheula “Sina logor dina liang jarum, ulah sereg di buana”.
Lamun urangna henteu kitu, tangtu hanjakal diakhirna. Karena anu matak tugenah
terhadep badan urang masing-masing eta teh tapak amal perbuatanana. Dina surat
An-nahli ayat 112 diunggelkeun anu kieu :
“Gusti
Allah geus maparin conto pirang-pirang tempat, boh kampungna atawa desana atawa
nagarana, anu dina eta tempat nuju aman santosa, gemah ripah loh jinawi,
kari-kari pendudukna anu nyicinganana teu narima kana ni’mat ti pangeran, maka
tuluy bae dina eta tempat kalaparan, loba kasusah, loba karisih jeung sajabana,
kitu the samata-mata pagawean maranehanana”.
Ku
lantaran kitu, sakabeh murid-murid kudu arapik tilik jeung pamilih, dina nyiar
jalan kahadean lahir bathin dunya akherat sangkan ngeunah nyawa betah jasad,
ulah jadi kabengkahan anu disuprih CAGEUR BAGEUR.
Teu
aya lian pagawean urang sarerea Thoriqat Qoodiriyyah Naqsyabandiyyah amalkeun
kalawan enya-enya keur ngahontal sagala kahadean dlohir bathin, keur nyingkahan
sagala kagorengan dlohir bathin, anu ngenaan ka jasad utama nyawa, anu
dirungrung ku pangwujuk nafsu, digoda ku dayana setan. Ieu wasiat kudu
dilaksanakeun ku sadaya murid-murid, supaya jadi kasalametan dunya rawuh
akherat.
Patapan Suryalaya, 13 Pebruari 1956
Ieu wasiat kahaturkeun ka sadaya
akhli-akhli.
(H. A. Shohibulwafa Tajul ‘Arifin)
RANGGEUYAN
MUTIARA
1.
ULAH
NGEWA KA ULAMA ANU SAJAMAN.
2.
ULAH
NYALAHKEUN KANA PANGAJARAN BATUR.
3.
ULAH
MARIKSA MURID BATUR.
4.
ULAH
MEDAL SILA UPAMA KA PANAH.
KUDU ASIH KA JALMA NU MIKANGEWA KA
MANEH.
UNTAIAN MUTIARA
1.
JANGAN
MEMBENCI KEPADA ULAMA YANG SEZAMAN.
2.
JANGAN
MENYALAHKAN PENGAJARAN ORANG LAIN.
3.
JANGAN
MEMERIKSA MURID ORANG LAIN.
4.
JANGAN
MERUBAH SIKAP MESKIPUN DISAKITI ORANG.
HARUS MENYAYANGI ORANG YANG BENCI
KEPADA KAMU.
Pangersa Guru Almarhum
Illaa hadloroti
Syaikhina al-mukarom asy-syaidi syekh Ahmad Shohibul Wafa’ Ta’jul ‘Arifin r.a.
Al-Fatihah…
Kalo pengen mengunduhnya gmna ya....biar bisa disimpan dihp...
BalasHapusSemoga terus bermaanfaat bagi kita selaku ikhwannya, aamiin
BalasHapusSemoga terus bermanfaat bagi kita ikhwan Suryalaya
BalasHapusBibarkati syeikh abdullah bin nur muhamaad syeikh muhammad wafatujul ariffin al mukarom syeikh abdul gaos saefulloh maslul qs alfatihah
BalasHapusMassyaALLOH ajiib..
BalasHapusTawajuh ah k abah...